Si kabayan ngala tutut

image

SI KABAYAN NGALA TUTUT

Si Kabayan nu teu aya padamelan, kasampak keur gogoleran dina dipan pakarangan imah, sakapeung ngalamun kawas nu enya rungsing mikiran nagara.

“Kabayan hundang, panon poe geus aya dina sirah,” ceuk Ninina, “Euweuh gawe mah mending ngala tutut kaditu.”
“Kudu kamana ngalana Ni?” Kabayan kalah nanya.
“Kawas nu teu apa wae, nya ka sawah, pilarian sawah nu geus digaru, ambeh seueur tutut na.”
Teu pati lila, Si Kabayan ngaleos, leumpang nuturkeun kalangkan, dugi ka sawah anu kenging ngagaru. Katingali seueur pisan tutut, kusabab caina herang.
Kusabab di ileng-ileng teh katembong kalangkan langit, Kabayan ngarasa sawah teh jero pisan. Padalah mah eta cai teu aya sajeungkan acan.
“Iyeu naha sawah teh meni joro pisan,” kereteg hate Si Kabayan.
Tuluy we manehnya nengan nyere sareng leugeut tina tangkal nangka, maksadna sangkan gampang ngala tutut.
Sapoe jeput manehna ngan ukur ngeleugeutan nyere, tapi teu aya tutut anu benang ku leugeut. Ngan menunang ukur tilu, eta oge kusabab tutut nu aya di sisi titincakan menahna.
Di imah, Nininya nungguan nepi ka keselna, anjeuna tos nyiapkeun bumbu keur ngasakan tutut. “Kamana iye budak, meuni geus rek wanci asar,” kereteg hate Ninina.
Ngarasa aya nu aneh, Ninina nyusul ka sawah. Bener wae, kasampak Si Kabayan keur ngomong sorangan, kusabab hese pisan ngala tutut teh.
“Kabayan, lila pisan ngala tutut teh, padahal eta tutut pabalatak dina kotakan sawah, naha maneh kalah nempokeun bae?” teges ninina.
“Hampura nini, iyeu sawahna jero pisan, hese ngalana, sok geura tingali, meuni katembong kalangkang langit, hartina jero pisan.”
Ngadangu waleran Si Kabayan, Ninina keuheul pisan, lansung we di suntrungkeun kana kotakan sawah.
“Eh, geuning deet nya, lamun kitumah ti tatadi di ala we tutuna.”
“Kumaha maneh wae,” leos Ninina balik ka imah.

-----------------------------------selesai---------------------------------------------------